Kaskus

Regional

elfapegaAvatar border
TS
elfapega
... Hayu Urang Mumule Basa Karuhun ...
... Hayu Urang Mumule Basa Karuhun ...

Hampunten sateuacanna ka baraya sadaya...

Alhamdulillah, gening dina kaskus regional bandung teh seueur kénéh anu merhatoskeun kana basa atanapi budaya sunda. Simkuring reueus pisan ningalna, aya nu ngaguar kamus kecap dina basa sunda, aya ogé nu ngaguar babasan, aya ogé nu umajak pikeun ngamumulé basa sunda, nyakitu deui nu gogonjakan atanapi heureuy.

Kajurung ku kacintaan simkuring kana basa sunda sareng étang-étang ngiring ngamumulé basa karuhun urang, ditambih ku rasa honcéwang tur sedih kacida nempo kaayaan ayeuna di sabudeureun urang anu tos langka ngadangu kecap sareng paripolah nu matak tumaninah kana manah.

Contona (ieu ogé di sabudeureun rorompok), budak leutik (balita) téh langka nu diajarkeun ngomong (basa) cara urang sunda tapi seuseueurna mah indonesia-an wé da méh téréh cenah, atawa ngajarkeuna wawaréhan teu kabeh (sawaréh sunda sawaréh indonesia) pan jadi teu puguh, panginten dulur gé sering ngadangu :
  • diem jangan nangis aja, gandéng tau...!!!
  • éh ari kamu, saya cari-cari dari tadi ari gok dihareupeun...!!!
  • baru tau kan ??? yéé samaruknya saya teh ngabobodo...

Aya ogé nu nyarios sunda, mung kadanguna kieu :
  • ééhh anjing, timana wae ari sia kehed !
  • baik pisan jelema teh, piraku ku ain kudu diteureuy mah !
  • aseep, pang nyokotkeun péso di dapur kéhéd !

Upami dina paripolah :
  • loba budak nu calutak ka kolotna
  • loba kolot nyontoan teu hadé ka budakna
  • babasaan kolot jeung budak teu matut
  • jeung sajabana

Tah, dina basa sunda aya nu disebat undak-usuk, nyaéta nerapkeun basa dina tingkatan nu luyu jeung kaayaan urang ayeuna (keur ngomong atawa keur make bahasa). Lamun urang geus biasa make undak-usuk basa nu bener (basa / lisan anu diatur) Insya Alloh saeutik lobana bakal nepa kana paripolah urang ogé (anu di atur ku budaya/étika dugi ku agama).

Tujuan ayana Tatakrama Basa Sunda téh nyaéta teu aya sanés pikeun silih hormat atawa silih ajénan jeung papada jalma. Jadi lain jang ngabéda-bédakeun harkat jeung darajat jalma saperti jaman féodal. Tah kukituna omongan kakara disebut hormat upama dibarengan ku :
  1. Lisan (kecap)
  2. Pasemon
  3. Rengkuh jeung peta
  4. Lentong

Kusabab éta sim kuring umajak ka dulur-dulur hayu urang rémekeun deui basa jeung budaya karuhun urang téh, malah mandar jadi kahadéan keur urang jeung turunan urang sadaya.

Kanggo munggaran simkuring badé sakedik nyontoan :
Basa Loma_______Basa Lemes_______Basa Lemes
________________(keur sorangan)__(keur batur)
Dahar___________Neda_____________Tuang
Balik/Mulang____Wangsul__________Mulih
Indit/miang_____Mios_____________Angkat
Nyaho___________Terang___________Uninga
Saré____________Mondok___________Kulem
Amit/amitan_____Permios__________Permios
Cageur__________Pangésto_________Damang


Ngeunaan kecap sulur(nu sok rada pabeulit) mangga uningaan didieu
Conto kecap nu nganggo hurup é, e sareng eu, mangga uningaan palih dieu
Sabangsaning ngaran kekembangan mangga uningaan dipalih dieu
Sabangsaning ngaran anak sasatoan mangga uningaan dipalih dieu
Rupa-rupa diuk di palih dieu
Rupa-rupa leumpang di palih dieu

Kanggo nu langkung lengkep mangga di uningaan di palih dieu

Bilih kidulur aya anu badé nambihan, sim kuring kalintang bingahna....
Di antos.......

Kanggo nu kagungan FB ieu link [URL="http://www.facebook.com/group.php?gid=153770201318273&v=app_2373072738&ref=ts#!/group.php?gid=153770201318273&v=wall"]FB Mumule basa karuhun[/URL]

Kanggo huruf sunda nu langkung lengkep mangga uningaan dipalih dieu :
http://id.wikipedia.org/wiki/Aksara_Sunda_Baku

Kanggo konfersi huruf latin ka aksara sunda :
http://sabilulungan.org/aksara/

Kanggo font sunda :
http://sabilulungan.org/aksara/files...code-1.0.5.ttf

Kanggo kamus basa sunda di palih dieu :
http://kamus-sunda.com/

Uningaan oge palih dieu...
Quote:
Diubah oleh elfapega 28-01-2014 08:44
0
325K
10K
Thread Digembok
Mari bergabung, dapatkan informasi dan teman baru!
Bandung
Bandung
KASKUS Official
4.3KThread2.3KAnggota
Tampilkan semua post
elfapegaAvatar border
TS
elfapega
#9454
Rupa-rupa leumpang
Boyot = leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun batur
Déog/péngkor = leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok
Dohot-dohot = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho
Égang/égol = leumpang jiga budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté.)
Gonjléng = leumpang awéwé bari ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki
Ingkud-ingkudan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté.
Jarigjeug/jumarigijeug = leumpang bari semu rék labuh, biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering.
Jingjet = leumpang semu hese ngalengkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing
Képoh = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (kawas aksara X)
Kukurubutan = leumpang rada dodongkoan dinu bala atawa dinu remet kakayon
Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra
Narabas = leumpang di nu bala atawa din u remet kalawan teu midul cucuk, jsb.
Neker = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek)
Nelenden = leumpang budak, anca, pikalucueun
Niliktik = leumpang budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu
Nolog = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék
Noyod = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram
Ngabadaus = leumpang semu gancang, teu luak lieuk
Ngabéngbéos/mengpéos = leumpang teu luak lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jsté.
Ngabring = leumpang babarengan (lobaan)
Ngabrul = kaluar atawa indit babarengan
Ngaburudul = kaluar lobaan ti tempat
Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = leumpang kawas nu mabok, kawas nu rék titotolonjong, jarugjag-jarigjeug
Ngadédod = (awéwé) nu leumpang anca, sarta biritna ka kénca ka katuhu
Ngadigdig = leumpang gancang sarta segut
Ngadigleu = leumpang kendor, semu bareurat ngaléngkah
Ngadudud = leumpang gancang teu luak-lieuk
Ngagandeuang = leumpang bari dada ajeg, bari keupat laun
Ngagéang =leumpang semu égang
Ngageblay = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun, geblay-geblay
Ngageblig = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi kadéngé sora blig, blig, blig, sabalikna tina keketeyepan.
Ngagéboy = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus
Ngagégag = leumpang kendor semu bareurat awak
Ngagéyot/ngagiyet = leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur
Ngageuyeunggeung = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering
Ngagidig/ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig)
Ngagigeug = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kenca ka katuhu.
Ngagilincing = sesebutan nu keur leumpang teu mawa naon-naon
Ngagiplek = leumpang awéwé bari semu ngagutak-gitek bujur
Ngalanggéor = leumpang awéwé, biasana nu lenggik, nu alus katempona
Ngaléjeg/ lajag-léjég = leuleumpangan dihareupeun batur bari ambek
Ngalénghoy = leumpang alon lantaran capé
Ngaleut = leumpang babarengan (jalma na leuwih loba tibatan ngabring)
Ngantay = sarua jeung ngaleut
Ngeungkeuy = saharti jeung ngaleut
Ngeteyep = leumpang laun (biasana nu keur ngintip) sieun kadéngé/ katempo ku batur
Ngincid = leumpang gancang sorangan
Ngingkig = leumpang ganjang teu luak-lieuk
Ngiciprit = leumpang keur waktu hujan atawa loba keneh cileuncang
Nyelenceng = leumpang gancang sosoranganan, miheulaan batur
Ngungkug = leumpang gancang teu luak-lieuk
Nyerenteng/nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek)
Rarampéolan = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jsté.)
Rincug = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sendal/sapatu
Sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok, jsté.)
Sésélékét = leumpang di antara jelema loba
Seselendep = sarua jeung sésélékét
Singkang = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu kaluar, sabalikna tina kepoh)
Tonggoy = leumpang teu luak lieuk, bari tungkul, teu miroséa ka nu ngageroan
Totolonjongan = leumpang kawas nu rek tijongjolong
Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun
Tuturubun = leumpang turun rurusuhan, buru-buru
0
Ikuti KASKUS di
© 2026 KASKUS, PT Darta Media Indonesia. All rights reserved.