- Beranda
- The Lounge
Uga Wangsit Siliwangi (Versi Indonesia dan Sunda)
...
TS
gunx099
Uga Wangsit Siliwangi (Versi Indonesia dan Sunda)
thread ini lanjutan dari http://www.kaskus.co.id/thread/51aa0...it-siliwangi/2
jangan sungkan-sungkan untuk ngasih sama nya gan asal jangan ngasih aja ya gan

Spoiler for versi sunda:
Antara ramalan jeung kanyataan….
Ieu uga teh eusina ramalan ngeunaan jalan kahirupan politik jeung pamarentahan nagara urang ti kawit tilemna Pajajaran tug dugi ka kiwari. Dina ieu uga urang sarerea bakal bisa nyaksian kumaha kalinuhungan elmu Prabu Siliwangi anu geus bisa nganjang ka pageto saperti anu bisa nganyahoankeun kana kajadian anu bakal tumiba ka sakumna rahayat sunda khususna jeung Indonesia umumna. Kumaha ari sikep urang, naha kudu percaya atawa ulah? Ngeunaan hal ieu mah baralik deui ka pribadi masing-masing. Ngan anu kudu ku urang sarerea diemutan, ieu uga teh salah sahiji warisan karuhun sunda anu kacida berhargana.
Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada satia, tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipiluen, ngilu jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar.
(((((Kalalakonkeun Prabu Siliwangi Raja Pajajaran dina waktos bade mundur, tapi satueacana mundur, Prabu Siliwangi masihan amanat ka sakumna wadia balad Pajajaran anu masih keneh satia. Didieu Prabu Siliwangi mintonkeun tanggung jawab sareng kawijaksanaan anu kacida luhung salakuning Raja, anjeuna teu bade ngalibetkeun rahayat pikeun tetep tumut sareng ngabdi mertahankeun Pajajaran tapi bari kaayaan sangsara. Prabu Siliwangi nyarios…………)))))
Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke jagana jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran. Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obahna jaman;
Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, henteu pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak.
Darengekeun:
Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kaler;
Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;
Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ke beulah kulon;
(((((Prabu Siliwangi masihan papagon ka sakumna wadia balad, pikeun milih geusan hirup lumaku sabadana Pajajaran tilem. Prabu Siliwangi ngabagi wadia balad pikeun milih/misah ka opat arah :
Ka wadia balad anu masih tetap satia, kudu misah ka beulah kidul. Dina ieu uga, aya kamungkinan kidul (selatan) dihartoskeun wilayah priangan timur nyaeta wewengkon Ciamis, Tasikmalaya, Garut sabab ti ieu wewengkon asal lahirna Pajajaran (Galuh Ciamis) terus ngalih ka Tasikmalaya, ti Tasikmalaya teras ka Bogor.
Ka wadia balad anu seja balik ka dayeuh (kota) anu ditinggalkeun, Prabu Siliwangi marentahkeun kanggo misah ka beulah kaler. Dina ieu uga, aya kamungkinan kaler dihartoskeun wilayah Bandung, Bogor jeung Sumedang, nya didieu pisan tempat ngadegna Karajaan Pajajaran (Bogor), anapon Sumedang dugi ka kiwari ieu wewengkon teh masih satia nyekel deleg jeung nanjeurkeun kabudayaan Sunda dina wangun seni, budaya sareng carita kasundaan anu masih keneh asli titinggal Karajaan Pajajaran.
Ka wadia balad anu seja kumawula kanu keur jaya, Prabu Siliwangi marentahkeun misah ka beulah wetan. “Ka nu keur jaya”, ieu kecap teh nunjuk ka karajaan Majapahit di wewengkon Jawa anu mangsa harita keur jaya-jayana ngawasa saantero nusantara. Tug dugi ka kiwari wadia balad Majapahit (urang Jawa) masih tetep ngawasa di Nusantara utamana dina widang politik jeung pamarentahan, nya sabagianna aya oge balad Pajajaran anu milu. Malah nu lain urang Jawa mah sok ngaheureuykeun yen nagara Indonesia mah teu aya, aya ge nagara Jawa, atanapi luar Jawa tapi di Jawakeun (Jawanisasi). Keur jalma nu diajar sajarah katut neuleuman elmu-elmu sosial ieu geus aneh..sabab salah sahiji bibit ruwit muculna masalah separatisme teh nya ieu poko pangkalna.
Ka wadia balad anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon.
Kulon didieu nyaeta wewengkon beulah kulon Jawa Barat, utamana Banten. Nya wadia balad anu milih teu milih ka saha-saha antuknya misah tur ngahiji dina ieu wewengkon, aya kamungkinan anu dimaksad ku Prabu Siliwangi teh nyaeta masyarakat Baduy anu dugi ka kiwari masih hirup kalayan nyekel pageuh kana papagon karuhun, malah agamana oge masih agama asli, Sunda Wiwitan.)))))
Darengekeun:
(((((Dina bagean ieu, Prabu Siliwangi masihan pepeling ka sakumna wadia balad Pajajaran.)))))
Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : kajayaan milu jeung dia; nya turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya balesna. Jig geura narindak !
(((((Ieu pepeling Prabu Siliwangi teh dugi ka kiwari ku urang bisa kasaksian. Anu jadi pamingpin di nagara urang lolobana urang Jawa. Sukarno, Suharto, Gus Dur, Megawati, SBY sadayana urang wetan (Jawa). Anapon kitu deui anu nyekel kakawasaan marentah di pamarentahan puseur oge kalolobaanna urang Jawa. Ngan hanjakal ieu pamingpin turunan wetan teh memang bener-bener “kamalinaan” jeung goreng tungtung, di ahir kakawasaanna sok dijungkirkeun batur (suul khotimah); Sukarno, Suharto, Gus Dur, Megawati di ahir waktu kakawasaannana ngajuralit ku cara anu teu terhormat. Mun ningali kana sajarah, bangsa urang mah jiga anu disupata, jalma loba nu silih ala pati jeung silih rogahala pikeun marebutkeun kakawasaan. Urang tangtu masih inget kumaa Ken Arok ngala pati empu anu nyieun keris pusaka ku lantaran hayang jadi raja singosari? Anu antukna mah singosarina ancur, manehna nelasan pati ku kerisna sorangan. Ieu jalma ti wetan teh jaradi pamingpin anu luhur tapi kahirupan rahayat susah jeung balangsak wae)))))
Dia nu di belah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkena turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang sauyunan, ka sakabeh nu rancage di hatena.
Engke jaga mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta tandana : saturunan dia disasambat ku nu dek kimpoi di Lebak Cawene. Ulah sina talangke. Sabab talaga bakal bedah; Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk ka tukang !
(((((Wadia balad anu misah ke beulah kulon, bisa ku urang dititenan tug dugi ka kiwari ariyana teu kabawa ku sakaba-kaba, ariyana tetep teguh teu milu jeung teu di parentah ku sasaha. Najan nu marentah ieu nagara wadia balad ti Wetan, ariyana mah teu pernah bener-bener bisa ditalukeun, makana ariyana dina nyorang kahirupan teh pinuh ku katengtreman, jauh tina mumusuhan, cocok mun jadi panggeuing ka batur anu keur ka sasar lampah.
Ari anu dimaksud “papay ku dia lacak ki Santang” ieu ngenaan kana sajarah Kiansantang, putra mahkota Prabu Siliwangi anu lebet Islam. Ki Santang dina uga ieu oge bisa ditafsirkeun umatna Rasulullah SAW ngalangkungan Prabu Kian Santang anu napak tur nagajalankeun ajaran Sunan Kalijaga (Banten) sareng Sunan Gunung Jati (Cirebon). Perlu oge diemut yen alur sajarah Kaislaman di tatar Pasundan teu tiasa di leupaskeun tina dua Kasultanan ieu, Banten jeung Cirebon. Kasultanan Banten ciri utamana Islam kalawan disipuh ku elmu pangaweruh kadigjayaan sedengkeun Cirebon corak Kaislaman anu disipuh ku elmu kabatinan, mirip corak Kaislaman di tanah Jawa. Ku kituna tong heran mun wadia balad Pajajaran anu aya di beulah kulon miboga warisan elmu pangaweruh anu langka dipiboga ku wadia balad anu lian.
Ngan ngeunaan siloka ti gunung halimun…………… eta dugi ka ayeuna can tiasa kabuka maksudna)))))
Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun!
Dayeuh ku dia moal kasampak, ngan ukur tegal baladeuhan. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal kasendeuhan batur. Loba batur tinu anggang tapi batur nu sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada!
(((((Kecap Prabu Siliwangi ieu geus bisa dibuktikeun dina alam kiwari. Bandung, Bogor, Sumedang, dugi ka Bekasi, depok, Jakarta, tempat wadia balad Pajajaran di beulah kaler ayeuna geus jadi salah sahiji wewengkon pendidikan, pusat bisnis Jawa Barat jeung ibukota nagara. Didieu ngadeg mangrupa-rupa Universitas/Institut/Sekolah Tinggi tingkat Daerah/Nasional/Internasional. Wewengkon kaler ayeuna geus loba kasendeuhan (kadatangan) batur, jutaan mahasiswa jeung pendatang anu ti siklakna ti siklukna, anu ti jero pulau anu ti luar pulau dugi ka luar nagri tumplek ngahiji di wewengkon ieu. Ari wadia balad Pajajarana kamarana? Jaradi somah (semah=nu boga imah tapi teu boga nanaon, ngan saukur bisa ningalikeun batur). Ngeunaan pangkat? Loba terah Pajajaran ti beulah kaler –utamana sumedang– anu luhur di pangkatna, malah aya anu jadi wakil presiden ngan hanjakal teu boga kakawasaan anu nyata, teu bisa mere parentah anu ditumut ku saeusi nagara, sabab kakawasaan tetep di cekel ku urang wetan (Jawa))))).
Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan anu hade laku lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge.
Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung nu surti lanti pikirna, nu hade laku lampahna.
(((((Ieu kecap Prabu Siliwangi teh ngagaduhan maksad yen prabu Siliwangi jeung Pajajaran bakal tetep hirup dugi ka kiwari ngan lain dina wujud bungkeuleukan (jasadiah) tapi dina wangun tetap lestarina sajarah jeung elmu pangarti kasundaan warisan ti karuhun-karuhun sunda. Tapi ieu elmu kasundaan teh moal bisa sambarangan dipibanda, teu sakabeh wadia balad Pajajaran bakal mampuh ngawasa sajarah jeung ngarti kana ieu elmu. Ngan saukur jalma anu ngabogaan hate anu bersih tur pinuh ku sumanget (rancage hatena); ngabogaan elmu jeung pangabisa anu luhung (dunya & agama) (weruh disemu); pinter tapi heunteu guminter jeung kabalinger, ngarti kana sajatina elmu, ngabogaan kawijaksanaan anu luhur, jeung ka nu ngabogaan pola pikir anu cerdas tur bener-bener ngarti kana masalah anu aya (surti lanti pikirna) jeung nu hade laku lampahna. Jelas didieu ngan wadia balad anu bisa nyumponan eta syarat anu bakal miboga kakuatan jeung kawijaksanaan sapertos Prabu Siliwangi, jadi ruh Pajajaran moal turun jeung dipiboga ku sambarangan jalma sanajan urang sunda oge, da teu sakabeh urang sunda ngabogaan eta ciri. Singketna ngan wadia balad anu geus kabuka hijabna anu bakal didatangan ku kawijaksanaan Prabu Siliwangi ))))).
Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir!
(((((Pajajaran dina wangkit ieu TILEM. Tilem hartina leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Pajajaran runtuh tapi runtuh lain diancurkeun atawa dielehkeun ku karajaan/bangsa sejen termasuk ku Majapahit (wetan). Pajajaran leungit ku sabab hayang leungit. Ku kituna mun dina sajarah ayeuna disebutkeun yen Mahapatih Gadjah Mada ti karajaan Majapahit geus hasil ngahijikeun Nusantara dina raraga ngawujudkeun sumpah palapa. Eta salah!! Aya hiji karajaan anu teu bisa ditalukeun ku Gadjah Mada nyaeta Pajajaran. Dina naskah Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara II/2 dilalakonkeun yen sawaktos Perang Bubat (perang antawis Pajajaran ngalawan Majapahit) Sri Baduga gegentos Prabu Wangi (anu salajengna katurunannana disebat Prabu Siliwangi) seeur ngabinasakeun musuhna, kumargi sang Prabu Maharaja salian ti pinter dina elmu perang oge pinter dina ngagunakeun rupa-rupa elmu senjata, Sang Prabu Maharaja teu hoyong mun nagarana (Pajajaran/Jawa Barat) diparentah tur dijajah ku bangsa lian. Antukna Sang Prabu Maharaja gugur sareng sadaya baladna di medan perang, tapi Mahapatih Gajah Mada oge kawon lantaran tatu ku keris Putri Dyah Pitaloka, anu eta tatu moal bisa dicageurkeun (ngeunaan sajarah Perang Bubat aya fakta anu diputer balik, tapi alhamdulillah geus aya sumber ti salah saurang tokoh Sunda anu menerkeun deui kana jalan sajarah Kasundaan, langkung jelasna mah ku sim kuring bakal diserat ulang dina ieu blog). Tapi kanyataan ieu teh bakal ditampik, bakal loba anu marungkir utamana nu di beulah wetan, sajarah bakal di puter balik, sanajan loba bukti anu kuat teu dipalire )))))
Tapi, engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih deui, nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu aing pangpinterna. Mudu aredan heula.
Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang.
(((((Dina mangsa ieu, bakal aya anu nyoba-nyoba deui pikeun ngumpulkeun sajarah jeung elmu warisan karuhun, nya bisa bakal kaparanggih deui tapi anu mapay eta elmu karuhun teh kudu jalma anu handap asor teu umaki asa aing pangpinterna (mapayna kudu make amparan). Ieu jadi hiji jawaban ku naon kolot-kolot urang baheula boga elmu anu luhung kadang teu kaharti ku pikir teu kahontal ku akal da meureun waktu diajarna dibarengan ku sikep paripolah jeung hate anu bersih karena Allah (make amparan). Karuhun urang baheula mah boga elmu linuhung tapi leumpang tetap tungkul ka bumi. Ari jalma jaman ayeuna? Boga elmu saeutik ge leumpangna geus dangah ka langit bari nangtang nu kawasa.
Saha ari nu dimaksud raja panyelang? Aya kamungkinan raja-raja ti Karajaan Majapahit, sabab salah sahiji raja anu mashur kalayan ngabogaan karajaan anu bisa ngawasa saantero nusantara ngan karajaan Majapahit. Jeung mun nitenan kecap “raja panyelang”, berarti ieu raja teh moal lila kakawasaana, sabab bakal digantikeun ku raja sejen)))))
Aya nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorehan bari ngalawan, ngalawan bari seuri, Nya eta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Ari ngangona ?
Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay jeung tutunggul. Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun wayah jeung mangsana, baris loba nau kabuka jeung rareang marenta dilalakonkeun.
(((((Tapi sanajan dilarang ku raja panyelang, aya anu tetep wani ngorehan sajarah jeung elmu karuhun. Saha? Nyaeta budak angon. Saha ari ieu budak angon…ke bakal coba diterangkeun dina bait anu saterusna, sabab kecap budak angon teh sababaraha kali dikedalkeun ku Prabu Siliwangi. Ieu budak angon teh kacida istimewa, sabab kagolong salah sahiji anu didatangan ku Prabu Siliwangi kusabab ngabogaan ciri-ciri anu disebutkeun ku Prabu Siliwangi)))))
Tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang : undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktu nu nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.
(((((Saban jaman aya pangeusina sewang-sewangan, tiap jaman boga lalakon; eta lalakon bakal ganti mun jaman oge ganti (conto : lalakon di tahun 60-an moal sarua jeung di taun 2010 boh dina model pakean, gaya hirup, jll) Ku kituna tinggal pilih urang anu kudu bisa ngigeulan jaman atawa urang anu bisa ngigeulkeun jaman. Naha jaman anu ngatur lalakon atau sabalikna lalakon anu ngatur jaman? Tapi kadang kaayaan di hiji jaman sok kaalaman deui dina jaman sejen. Contona : di taun 60-an rahayat urang loba nu ngantri sembako, kusabab jaman anu werit. Kaayaan itu karandapan dina mangsa reformasi dimana rahayat kudu ngantri minyak jeung sembako)))))
Darengekeun !
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : “tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol.”
Tah didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu.
Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna henteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan.
(((((Dina mangsa ieu, mimiti kaum penjajah datang ka nagara urang, dimimitian ku Portugis, Inggris terus Belanda, mimitina mah ieu penjajah teh ngan datang pikeun dagang tujuana mah rek ka Maluku tapi eureun heula di Banten (tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol). Tapi antukna mah sanagara jadi dijajah (sanagara jadi sampalan, sampalan kebo barule), ieu penjajah teh diparentah ku para menir/gubernur jangkung anu marentah di puseur kota tempat pamarentahan (alun-alun), ti harita raja-raja urang teu bisa walakaya. Para bupati/demang bangsa urang tetep marentah tapi dikendalikeun ku penjajah (kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku) tapi bangsa urang pasrah sabab penjajah jeung pamingpin pribumi masih merhatikeun sandang jeung pangan kabutuhan rahayat. Numutkeun ahli-ahli sajarah, Belanda teh salah sahiji penjajah anu pinter, manehna ngajajah tapi awalna rahayat teu loba nu sadar jeung ngalawan kusabab manehna ngajajah ngamangfaatkeun pamimpin-pamimpin pribumi di tingkat handap saperti bupati, wadana, demang, jsb; jadi keur rahayat mah asa teu dijajah. Ieu ngabuka hiji rahasia kunaon elmu-elmu karuhun sunda teh sok jiga anu disumputkeun, karuhun urang tara ngajarkeun elmu sacara terang-terangan, tapi sok dibungkus jeung disumputkeun dina wangun siloka, kawih, pupuh, uga, jrr. Kusabab? Sabab saha wae anu kapanggih ngawariskeun elmuna bakal dirogahala ku penjajah. Jadi, didieu penjajah teh henteu bodo, urang Belanda teh geus apaleun kana bahayana lamun eta elmu-elmu warisan karuhun sunda teh nepi ka sumebar)))))
Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu kapangih, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala.!
Turunan urang loba nu henteu engeuh, yen jaman ganti lalakon !
Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi jalan nu kasingsal.
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet!
(((((Mangsa ieu jaman ganti deui lalakon! Bangsa Jepang (kunyuk) datang, ku bangsa urang dibageakeun, dianggap pahlawan jeung dulur kolot bakal ngabebaskeun tina penjajahan Belanda, Bangsa urang ngadukung Jepang pikeun ngalawan tur ngabuburak Belanda, tapi nyata salah sabab Jepang oge sabenerna sarua datang ka nagara urang teh rek ngajajah (panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi jalan nu kasingsal). Penjajah Belanda kalabur ka nagarana, ayeuna ganti anu ngawasa bangsa urang teh monyet (Jepang))))))
Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri henteu anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene rereuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang sieun ku niru-niru monyet.
“Panarat” dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.
(((((Bangsa urang atoh pisan (ngeunah seuri) sabab ku kadatangan Jepang lir ibarat geus bisa bebas tina penjajahan Belanda. (Tapi seuri henteu anggeus) sabab bangsa urang kakara sadar yen ieu bangsa Jepang teh sarua datangna kadieu teh rek ngajajah oge, malahan leuwih garang, sagala anu aya di bangsa urang dibadog, dirampog, tuluy diangkut. Hasil kebon, sawah, huma dipaling. Bangsa urang dijajah tur dikandalikeun deui ku Jepang, nepi ka rahayat urang loba anu nelasan pati lantaran jaradi romusha. Bangsa urang ayeuna ganti anu ngandalikeun, bangsa Jepang anu marentah (panarat dicekel ku monyet) )))))

0
9.6K
Kutip
27
Balasan
Guest
Tulis komentar menarik atau mention replykgpt untuk ngobrol seru
Mari bergabung, dapatkan informasi dan teman baru!
The Lounge
922.8KThread•82.3KAnggota
Terlama