Pengaturan

Gambar

Lainnya

Tentang KASKUS

Pusat Bantuan

Hubungi Kami

KASKUS Plus

© 2024 KASKUS, PT Darta Media Indonesia. All rights reserved

mamet41Avatar border
TS
mamet41
DI PASAR DOMBA
"Mang..!"
"Kulan, milari domba? Kanggo qurban atanapi kanggo naon?"
"Muhun kanggo Qurban...'
"Tah, kanggo Qurban mah kedahna nu hideung..."
"Ari nu bodas kunaon kitu?"
"Pami nu bodas, sami kanggo Qurban kénéh..."
"Euuh... atuh sarua waé!"
"Muhun..."
"Sabarahaan ieu domba téh?"
"Nu mana? Nu hideung tanapi nu bodas ?"
"Nu hideung !"
"Nu hideung mah sajuta dua ratus rébu.."
"Mun nu bodas ?"
"Nu bodas gé sami, sajuta dua ratus rébu.."
"Owh, meunang ditawar teu ?"
"Nu mana? Nu hideung tanapi nu bodas ?"
"Nu hideung lah.."
"Nu hideung mah tos pangaos pas, teu tiasa ditawis.."
"Mun nu bodas kumaha ?"
"Nu bodas gé sami, teu tiasa ditawis, tos harga pas.."
"Euh, sarua baé atuh !"
"Muhun.."
"Ari ieu téh domba garut kabéhanana ?"
"Nu mana? Nu hideung mah muhun ti Garut.."
"Mun nu Bodas ?"
"Nu bodas mah... nya sami, ti Garut ogé.."
"Yeee kumaha ieu téh !"
"Kumaha naonana ?"
"Ari sarua sagalana mah naha bet dibéda-béda atuh ?"
"Soalna pami nu bodas mah nu abdi"
"Oh kitu. Nu hideung nu saha atuh ?"
"Nu hideung gé sami nu abdi kénéh"
"Ah.. dasar tukang domba lieur"
"Heu heu.. punten atuh, da tukang dombana mah nuju ngopi di warung.."
"Ari anjeun naon atuh ?"
"Abdi ?"
"Enya.."
"Abdi gé sami tukang domba..."
"Arrrrhhhhh...
0
1.2K
7
GuestAvatar border
Tulis komentar menarik atau mention replykgpt untuk ngobrol seru
Mari bergabung, dapatkan informasi dan teman baru!
Jokes & Cartoon
Jokes & CartoonKASKUS Official
52.8KThread5.1KAnggota
Urutkan
Terlama
GuestAvatar border
Tulis komentar menarik atau mention replykgpt untuk ngobrol seru
Ikuti KASKUS di
© 2023 KASKUS, PT Darta Media Indonesia. All rights reserved.